Langsung ke konten utama

TEU BISA MUDIK:Hayang Beubeuye Haneut

Carita Pondok Nu Matak Nalangsa
Diserat ku: Kang Donny Martin 

TEU BISA MUDIK
:Hayang Beubeuye Haneut
TILU POE Saacanna boboran siam 1442H, Kang Obot karek nepi kaimahna dihareupeun pasar Cukir Jombang. Hatena hanjeulu jeung kokojotan geus hayang mulang atawa mudik kalembur dicianjur jawa barat. Apan manehna geus dua kali lebaran teu bisa mudik alatan masih bahaya keneh pageblug sasalad korona. Naon anu dicita-citakeun bungah kacida mun bisa mulang kasarakan teh sabab bisa panggih jeung kulawarga dilembur pon kitu deui jeung anu jadi indung anu geus sakitu kolot tur rerempona. Nya tinggal indung we, da bapa mah geus dualas taun tilar dunyana. Kabayang barang jol oge geus dibageakeun ku cimata nalangsa sabab cenah tisaprak keuna kumusibah korona teh nepika dangeut ieu acan kungsi meunang bantuan sosial tipamarentah. Eta oge pernah aya tipatugas desa ngadon mentaan poto copy KK jeung KTP tapi geus aya kana sabulan euweuh beja jeung caritana lebeng we. Kang Obot ukur bisa carinakdak bari ngurut dada.
"Keun wae ema, najan teu meunang oge sugan we aya jalan rezekina timana wae da kersaning Alloh mah maha adil tur maha uninga..." Ceuk Kang Obot ngalelemu. 
"Eunya eta oge ema mah teu nanaon..dibere ditarima teu kabere oge sadrah..moal aral subaha.." Tembal Ema Momoh bari nyician citeh bari kana emuk.
"Ma...abdi mah bade ka Kang Olay heula nya tos lami teu pendak yeuh..." Kang Obot amitan
"Eunya..heg! Tong lila teuing nepika ngampleng apan urang ngembang kamakam jenatna bapa..."
"Muhun...moal...!!"
Kenclig kang Obot ngingkig leumpang muru ka lapang taman albar labas mapay gang ngaliwatan imahna Pa Haji Dadan Wildan Pangsiunan Pagawe Bank BRI. Srog ka Pos kamling kasampak Kang Usup jeung Kang Aep keur uplek ngobrol.
"Wah...Boss jombang datang yeuh..." Ceuk Dadah Damara. 
"Iraha Bot Datang tijombang?" Aep Milu mairan.
"Kamari Kang..sorangan sasalingkeran make motor neangan jalan tikus..ampun hese jeung cape kabeh PSBB jawa barat mah.."
"Sarua didieu oge.. hese lockdown cianjur oge.." Sora kang Usup milu mairan.
"Kumaha BLT DD kabagean..?" Tanya Dadah.
"Ah bujeng-bujeng...dah ente meunang?"
"Alhamdulillah kengeng..." Jawab Dadah seuri.
"Alhamdulillah..sing barokah rezekina.."
Keur uplek ngobrol kitu Jol Si Olay datang nyempeurkeun bari gek diuk gigireun Dadah.
"Bot..mana THR jombangna yeuh..?" Pokna bari namprak. 
"Duh ampun Lays jaman covid-19 mah nambru.. hampura..!!" Jawab Obot halon sorana.
"Lain hampura tapi THR? Hampura mah pan eunggeus kamari..." Pokna bari seuri.
"Urang mah hayang beubeuye Lays..?"
"Duh sarua ngayukyuk Bot, tong boro anu kitu pamajikan oge kabur dekah..." 
"Wah anu bener sateh??"
"Cius Bot, tanya We...tah ka Dadah.."
"Beneran nich??" Dibales ku Dadah ku unggeuk.
"Biasana indung maneh loba pan Bot beubeuye mah..." Tanya Si Olay
"Euweuh ayeuna mah Lay.. katarajang korona pan...duit teu boga, bantuan oge teu aya.. geus untung alhamdulillah manggih dahar oge."
"Sarua urang ge Bot, usaha dibakasi bangkrut, narik angkot sepi..nyangkoyot we bari neureuyan ciduh.. teuing kumaha jalma teh.. tempo we tiap imah nalawaran Silahkan Cuci tangan disini.. ari nu nawaran Dahar teu aya, nawaran ngopi, nawaran beubeuye euweuh komo jeung goreng ulenna mah sakalian.. apan percuma cuci tangan oge ari balang daharna hanteu." Ceuk Olay bari pasemonna alum.
"Sarua Lays kuring mah rada ngaheulas oge balik tijombang teh..hayang muru-muru beubeuye haneut..kari-kari ukur katelna ngajugrug molongpong kosong... ngakan angin we.."
Keur kitu corowok aya anu ngagoroan.
"Kang Olay...kadieu..." Sorana Ceu UU nyalukan Olay anu keur ngobrol. Jung cengkat nyampeutkeun ka Ceu Uu. Balik deui teh geus mawa beubeuye ngebul sabaskom leutik lar ngaliwat ka pos kamling bari nyarita.
"Deuh Bot milik mah timana we..dasar Rejeki Anak Soleh hehehe..." Pokna bari asup kajero imahna. 
"Alhamdulillah aya anu mere ning Lay?" Ceuk Obot bari neuteup Ka Olay anu norojol balik deui ka Pos kamling. 
"Biasa anak soleh loba anu mikanyaah.." Tembalna bari gek diuk deui. Dadah kang Aep jeung Usup mah geus baralik kaimahna, dipos mah ukur duaan we bari diuk ngobrol.
"Bot maeunya dijombang euweuh beubeuye?" 
"Euweuh sateh Lay..teu taradisi, mun kupat opor mah aya.." Jawab Obot. 
"Jadi nepika balik kadieu teu boga beubeuye maneh?"
"Boro-boro Lay..aya eta oge anu nawaran Ceu Adah Jubaedah dibojongpicung wetan..ngan kumaha atuh apanan keur kieu mah kudu jaga jarak lin..  piraku kudu sendokna dicepeng ku uing diimah, beubeuyena dina katelna Ceu Adah diwetan..pan barabe..hehehe..."
"Eunya nya... ari Ceu Susi Wasilah ..nawaran oge lin digrup Bojonpicung..?" 
"Heu'euh ngan barter cenah jeung Kacang Mente.."
"Sarua bohong ari kitu mah.."
Keur Uplek ngobrol kitu jol erte Endang Gopet nyampeurkeun.
"Lay... eh aya boss jombang yeuh..?" Pokna bari gek diuk tuluy sasalaman.
"Aya naon te?"
"Iyeu tadi teh katitipan ti donatur.. yeuh aya amplop jang ente.." kituna bari ngasongkeun amplop. Bener we pas dibaca aya tulisan ti Admin grupna masyarakat bojongpicung.
Ttd. Nandar Alamasyah & H. Teten Suteddi
"Alhamdulillah..nuhun!!" Ceuk Olay bari nyoekeun amplop gorehel dua lambaran duit keretas warna beureum saratus rebuan.
"Ari abdi mana te?"
"Tibalik boss jombang anu kudu ngabagi mah.." Tembal RT bari seuri leutik. 
"Alhamdulillah Bot Rejeki Anak Soleh..hihi!" Ceuk Olay bari ngibring2 duitna. Memang milik mah teu pahili najan keur nganggur kitu teu burung we aya keneh anu haat. Teuing ngimpi naon eta si Olay teh rejekina asa babari kitu. Eta we keur ngobrol torojol deui Nina Nurlivar datang pok ngomong. 
"Kang Olay ieu aya anu maparin Kerecek Kurupuk Kulit tibakasi.." Kituna teh bari ngasongkeun berekat. 
"Alhamdulillah rejeki anak soleh deui..."
Pokna bari nampanan tuluy disimpen dina palupuh pos ronda.
"Hebat maneh Lay loba anu mikanyaah.." Puji Erte Gopet bari seuri. 
"Apan ka anak soleh mah loba anu resep.."
Obot bati hookeun mencrong na asa kubabri rejekina teh jul jol pada mere pada ngirim. 
"Na ari ka aing hayang beubeuye haneut oge eueuh anu haat ngirim sakatel kitu tah.." Gerentes Hate Obot galeco. Keur kitu jol deui Boss Bajakah sok babagi amplop. Jol boss Proyek PJUTS sarua ngabagi amplop tapi anu dibagina Olay deui. Aya kubabari eta milikna padahal mah ukur cicing di pos kamling? Kitu geuning kersaning Alloh mah timana we jalanna teh. Obot ngahuleng sakedap bari nempo tonggong Olay anu ngingkig balik rek neundeun kerecek kurupuk kulit kiriman ti Si Euceu Anu semok tea jeung nyimpen amplop
"Moal kitu..bener alatan anak soleh..? Boa kuring mah teu kaasup anak anu soleh?"
Kitu gerendengna Obot bari mikir. Bingung sabab naha babari kitu rejekina teh. "Bingungna.. solat belang betong sarua jeung aing, puasa tara, sidekah komo..tapi sakalieun meunang rejeki nyebutna. REZEKI ANAK SOLEH?".
Bari satengah panasaran Obot leumpang ka imah Olay anu kasampak keur ngobrol jeung ma Mimi indungna. Tidinya Obot karek apal jeung percaya naon anu katarima tadi ku Olay teh bener saratus peresen rejekina anak soleh sabab ngaran Bapana Muhtar Soleh sok di sarebut Pa Soleh.
"Bot..bot...hudang naha sare ngadon gundam kitu..?" Ceuk kang Ges Enimo bari ngaguguyah anu keur ngarengkol ditepas imah. Korejat hudang bari gigisik.
"Duh naha make dihudangkeun..deuh keur ngimpi mudik...jadi we teu bisa mudik..dasaarr..!!"

Cag Ah! 

Wilujeng Boboran Siam We
Hapunten lahir & bathin

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Jangan Pernah Meminjamkan PT atau CV Anda ke Pihak Lain

Sebuah forum jual beli menawarkan layanan pinjam PT/CV. Dengan kesepakatan khusus anda bisa mendapatkan ‘fee’ meminjamkan PT/CV ke pihak lain yang memerlukan.  Apa konsekuensi hukumnya? Berbisnis memang tidak selamanya mudah. Meski memiliki ide cemerlang dan kapabilitas dalam menjalankan bisnis, terkadang ada aspek lain yang luput dari perhatian anda. Misalnya kebutuhan untuk memiliki sebuah badan usaha. Di awal berbisnis, biasanya fokus anda lebih berat kepada jualan dibanding menyiapkan legalitas usaha. Barulah ketika bisnis anda berkembang dan mulai dihadapkan pada persyaratan baik yang ditentukan oleh undang-undang atau mitra bisnis, tidak bisa tidak anda harus mulai menyiapkan legalitas. Hampir seluruh proses tender di lingkungan pemerintah bahkan menyaratkan pesertanya harus berbentuk Perseroan Terbatas (PT) atau minimal CV, tidak cukup dengan perusahaan perorangan. Selain itu, rekam jejak dan portfolio dari PT atau CV tersebut kerap juga menjadi persyaratan. Disini kadang pe...