Ngalobi Pelaku Usaha Sukses
Persiapan SUKSESNA Lembur Berkualitas
Ngarojong jAbAr Juara.
Loba Program Kampung nu geus dilaksanakeun
Aya kampung KB. Kampung Tohaga, progran satu kampung satu produk. Jeung rea rea deui.
Keur TNL bungah gening kampung geus dijejeran ku rupa rupa program. Nu intina TNL baris ngabantuan ku cara ngagerakeun widang pendidikan, kesehatan jeung ekonomi warga di kampung/ lembur kalayan dipiharep jadi kampung BERKUALITAS nu gerak nyata ti rahayat.
Bada ngaprak lembur wae, ahirna anu digarap ku TNL nyoba nepungan para tokoh pelaku usaha sukses di CIanjur. Ngumpul di hotel Sturgis Cipanas.
Aya Bapak Seiawan Hambari pemilik Sindanglaya Hotel, Bapak Iwan sinareng Ibu pemilik Sturgis Hotel & Cafe, Pak Dede pengusaha sukses ti Bogor.
Gening aranjeuna kawilang ngadukung kana program TNL nyieun percontohan kampung jeung desa berkualitas. (Berkualitas dina ekonomina, berkualitas dina pendidikanana, berkulitas dina widang kesehatanana)
Khusus dina widang ekonomi, aranjeuna siap sadia mantu masarkeun, malah Pemilik hotel sturgis langsung pesen produk urang lembur anu ku TNL ditawarkeun.
TNL 2021
Terus Marengan Urang Lembur.
Komentar
Posting Komentar