Langsung ke konten utama

MEUNI AMIS PISAN

Carita 
Leo Sutandy Wartadipradja 


KACARITAKEUN Di hiji wewengkon pernahna di dusun Bojongpicung kabupaten cianjur. Aya sapasang salaki jeung pamajikan. Salakina katelahna Kang Tono 26 taun pituin asli kalahiran Bojongpicung. Atuh bojona wastana Mbak Arin 23 taun asal ti daerah jombang jawa timur. Mbak Arin jeung Kang Tono karek opat bulan hirup ngarangkep alias jatuk rami. Kulantaran beda bahasa, Kang Tono teu apal bahasa jawa pon kitu deui Mbak Arin leuwih teu apaleun jeung teu ngarti basa sunda. Ahirna kahirupan sapopoe dina enggoning ngobrol atawa ngawangkongna make bahasa malayu (basa Indonesia) wae ngarah kaharti jeung nyambung. Sok sanajan Kang Tono rada pabaliut mun ngomong make basa malayu teh kulantaran jarang di pake meureun.
Dina hiji poe kira-kira wanci carangcang tihang. Jol mitohana Mbak Arin nganjang ka kontrakan nana. Bari angkaribung kubabawaan oleh-oleh tidituna mah.
"Sampurasuuuunnn...!!" Sora Bi Ini uluk salam dina lawang panto.
"Walaikum salaamm..siapa?" Tembal Mbak Arin bari muka panto hareup. 
"Ohh...ibu..., silahkan masuk Bu..!" Ceuk Arin bari mapag terus sun tangan hormat tur ajrih.
"Enya ema rek masuk, ari Si kang Tono nuju kemana sepi ning?" tanya bi Ini heran.
"Oh si Aa lagi benerin sepedah motor bu... 
ayo silahkan duduk bu..!" 
"Rin ini ema bawa oleh-oleh kampung lumayan..!" ceuk Bi Ini bari nyodorkeun babawaan nana. 
"Wah..terima kasih banyak bu, koq repot-repot segala..?"
"Ah nggak repot ieu mah hatur lumayan..segitu juga sudah uyuhan.."
"Sebentar ya bu, Arin bikin teh manis dulu." Ceuk Mbak Arin bari jung nangtung terus kebat muru kadapur. Teu sawatara lila jol deui bari mawa baki eusi sagelas teh manis jeung kueh bodeng lalawuhna mah.
"Monggo bu diminum...ini ada kue bodeng..!"
"Iya..nuhun nya ..." Tembal Bi Ini bari regot  nginum citeh manis mani pogot naker bari pok ngagerendeng muji.
"Wahhh..minuman minantu kasayangan ibu mani pedo...amiisss..." 
Gebeg Arin ngarenjag reuwas bari pipina bareubeu beureum geuwat teh manisna dicokot bari gura-giru kadapur deui. Irung Mbak Arin teu sirikna ungas-ingus ngangseuan gelas bisi bener bau amis. Teu talangke, deker we nyieun deui teh manis make gelas anu lianna. Sor diasorkeun deui kahareupeun Bi Ini mitohana.
"Silahkan bu,...maaf saya tadi bu..".Ceuk Mbak Arin sasadu awahing kuera. 
"Ah teu apa-apa atuh Rin..." Tembal Bi Ini bari Kop kana gelas, regot diinum deui meuni ngaleklek pisan.
"Ahh..nu ieu mah komo meuni amis pisan Rin.." Puji bi Ini bari ngacungkeun jempolna.
Mbak Arin mah ngadenge kitu reuwas deui gancang ngarebut gelas tina leungeun Bi Ini bari semu anu era campur sieun.
"Masa si bu..tadi Arin sudah ganti gelasnya..?"
"Sumpah daek bisul sa-fesbuk ema mah...
teh manisna meuni amis pisaaaan..!!"

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Jangan Pernah Meminjamkan PT atau CV Anda ke Pihak Lain

Sebuah forum jual beli menawarkan layanan pinjam PT/CV. Dengan kesepakatan khusus anda bisa mendapatkan ‘fee’ meminjamkan PT/CV ke pihak lain yang memerlukan.  Apa konsekuensi hukumnya? Berbisnis memang tidak selamanya mudah. Meski memiliki ide cemerlang dan kapabilitas dalam menjalankan bisnis, terkadang ada aspek lain yang luput dari perhatian anda. Misalnya kebutuhan untuk memiliki sebuah badan usaha. Di awal berbisnis, biasanya fokus anda lebih berat kepada jualan dibanding menyiapkan legalitas usaha. Barulah ketika bisnis anda berkembang dan mulai dihadapkan pada persyaratan baik yang ditentukan oleh undang-undang atau mitra bisnis, tidak bisa tidak anda harus mulai menyiapkan legalitas. Hampir seluruh proses tender di lingkungan pemerintah bahkan menyaratkan pesertanya harus berbentuk Perseroan Terbatas (PT) atau minimal CV, tidak cukup dengan perusahaan perorangan. Selain itu, rekam jejak dan portfolio dari PT atau CV tersebut kerap juga menjadi persyaratan. Disini kadang pe...